Monday, April 14, 2003

SOAL DAHAR




Aya panyakit sim kuring anu can bisa dileungitkeun sampe ayeuna, nyaeta sok tara beak dahar. Pasti aya wae anu disesakeun na piring, naha sasiki sangu, sakeureut wortel, atawa sacucuk lauk asin. Pokona si piring teh tara lenang. Satadina mah sok niat yen sesa dahar teh jatahna di ucing anu sok depa nungguan handapeun meja bari ngabubay-geboy buntutna.

Tapi niat eta jadi bahan pikaijideun pun istri, aeh, calon istri maksad teh. Lamun kuring dahar, top teh aya sangu sasiki dina piring, langsung weh jamedud teu leugit saminggu. Kalikeun weh: sim kuring dahar teh lima kali sapoe, kalikeun tujuh, kalikeun deui sabulan, sabaraha lila calon istri teh jamedud?

Jiga kamari. Kuring nganjang ka imahna. Geus tilu bulan can ulin. Jiga biasana, ngendong teh di imah bibina. Ah, si bibi mah apal naon kasenengan urang teh. Euleuh, aya lauk asin jeung sambel. Ah, teu kusi ditawaran kadua kali, langsung weh der nyiduk sangu, plok sambel, gep lalab, gorehel lauk asin. Si ucing oge sampe gumetap nempo sim kuring dahar mani ngahimel kitu. Teu cukup sapiring, wel deui sapiring, lauk asin teh loba keneh. Sampe si mamang eureun, kuring mah masih top deui kana lauk. Eh, can cukup oge, wel deui sangu sapiring. Wah, asa di surga lah, pokokna. Eureuleeeeeee....alhamdulillah. Nuhun, Gusti, sim kuring masih keneh dipasihan nikmat dahar. Moal lah, ngahihilapkeun, bade nyukuran nikmat Anjeun unggal waktu.

Tapi, basa calon istri rek ngabereskeun piring, puncereng teh matana mani ngadilak ka sim kuring anu geus heurin usik kamerkaan bari sosolendean nempo polah si Deol bingung rek ngalamar si Sarah di tipi. "Kebiasaan!" ceunah tipupuncereng. (Punten, calon istri teh teu tiasa Sunda). Kuring rada ngarenjag, tapi tetep diuk da bareurat rek hudang teh. "Abisin dooooooong," soarana mani ngentab ka unggal juru.

Padahal mah, pas ditilik-tilik nu nyesa teh sirah lauk jeung cucuk wungkul. Aya lah sasiki dua siki sangu nempel dina piring. Jamak atuh, Neng, sakitu mah, wareg yeuh. Tapi lain alesan nu pas eta teh. "Kamu ini...." sok lah teraskeun. Apal lah pasti nu diomongkeun teh kuring, ceunah, abong can pernah hirup sasangsara, dahar tara dibeakeun, teu inget hesena neang rejeki keu dahar, jeung sajabana-jeung sajabana.

Aya ti dituna meureun. Tileuleutik sim kuring, ceuk Umi, teu beuki sayur. Rek sarapan oge kudu direrejeng heula. Umi muncereng bari ngancam moal mere jang jajan. Lamun geus kitu, Umi pasti manggil Nini. Anehna, ku Nini mah sieun sim kuring teh. Najan sasendok kuring dahar sayur oge. Tapi, beurangna sampe sore mogok dahar, komo lamun sayurna eta deui eta deui. (Duh, punten Umi, karasa ayeuna teu resep sayur ti leuleutik teh. Awak teh teu gendut-gendut). Enya, hese neang rejeki jang dahar sorangan oge. Karasa lah, kolot maha tara salah.

Neng, engke lamun urang dibere rejeki anak, moal dipintonkeun tah panyakit teh. Pang didikeun supaya ngahargaan tisuksuk ti dungdungna kolot neang rejeki jang maraban kulawarga. Kajeun, Akang mah narima lamun dipuncerengan unggal dahar. Sugan weh, panyakit teh leungit lamun terus-terusan dipolototan unggal rengse dahar. Mun buka rahasia mah, eta oge kunaon Akang milih si Neng janten calon istri teh. Tapi tong jamedud, ah, ngewa...