Wednesday, February 26, 2003

DI PARAPATAN CSW



Saban isuk, kuring sok nantung sababaraha waktu di parapatan CSW (lapur teu bisa ngalacak naon singkatan parapatan ka Blok M ieu. Tapi dilacak di Google CSW teh singkatan tina The Commission on the Status of Women. Jigana pas, soalna di beulah wetan aya gedong kantor ASEAN. Tapi teuing ketang, ngararaba wungkul. Babaturan urang Betawi pas ditanya naon singkatana oge godeg). Lalakon urang ayeuna, saurang tukang roko asong anu geus ngajentul di pinggir jalan beulah kulon samemeh kuring anjog ka parapatan eta.

Awakna jangkung badag. Buuk panjang ditutup sal anu sok dipake ku tukang naek gunung. Kulit hideung, bengeut bosongot. Pokona teu jauh jeung dedeg preman anu bisa dibayangkeun ku barudak di kampung. Tapi, pakeanna rada reseka. Pas jeung mode barudak jaman kiwari. Kameja kotak-kotak, calana jins anu di soek palebah tuur. Nya rada katulungan tah beungeut bosongot teh ku pakeanna.

Kusabab sababaraha isuk Jakarta disiram hujan wae, nya sim kuring oge huhujanan pas nyegat beus ka Tanjung Priok. Nah, si bosongot ieu mah teu paduli hujan sakumaha gedena. Najan baju jibreg, calana baseuh, awak ngagedeg, eh ngajentul wae di pinggir jalan. "Bisi aya rejeki," ceunah basa babaturan tukang asong sejena ngageuingkeun. "Euh, rejeki mah moal kamana. Ditungguan jeung teu ditungguan sarua wae sakitu-kitu keneh," babaturanna keukeuh. Manehna mah da nyumput di handapeun spanduk bari ngaweuweuw tiriseun. Dagangan mah cul dihujankeun di hareupeuna. "Gering mah moal cukup ku lima rebu," ceunah.

Tah, sim kuring mah pas dua tukang asong gutreng parahi ngaledek, nangtung di pinggireun si bosongot. Nya kadenge naon anu dicaritakeun, naon anu diobrolkeun ku maranehna. Jiga isuk kamari. Kuring patepung deui jeung si bosongot. Aeh, aya nu poho. Najan awak badag tampang bosongot, gurak gerik si tukang asong ieu mah lemah lembut pisan. Lamun ngomong lemes, malah asa kabubudakeun, lamun leumpang lenjang. Persis jiga bikang. Banci jalma teh, ceuh hate. Mata mah angger molotot ka beulah wetan, bisi beus ujug-ujug nonghol.

Jiga biasana. Si bosongot geus ngajentul di pinggir jalan. Harita hujan mani badag pisan. Aya ereun ngan ngaririncik wungkul. Langit bodas cirining hujan bakal lila. Di pinggireun si bosongot aya saurang tukang asong sejen. Tapi, beda jeung si bosongot, si tukang ieu mah make payung. Bajuna teu jibreg teuing. Pas kuring nyampeur ka gigir maranehna, kadenge si bosongot keur cacarita.

Satadinamah kuring teu kaganggu ku obrolan dua jalma ieu. Mata tetep molotot ka beulah wetan. Tapi, ieu ceuli ngadenge oge naon nu diomongkeun. Si bosongot keur kukulutus. Manehna kasinggung ku babaturan sa kontrakan anu weleh embung mayar sewa kamer. "Dasar bebel budak teh," ceuk si bosongot. "Kuring mah empot-empotan neang duit jang mayar kontrakan ari si eta kalah numpang sare jeung dahar wungkul. Saha nu teu ambek atuh," sambungna.

Babaturana mairan. "Elingkuen atuh, tong ngomong satukangeun wungkul." Si bosongot cicing. Tapi teu eleh, manehna mairan, ceunah si bebel babaturana boga adat ka kurung ku iga anu teu bisa diobah. Digeuingkeun unggal bulan, angger tara setor duit sewa. "Tapi lamun dahar pang lobana," ceunah. Kuring teu nangkep, naon deui nu diomongkeun si bosongt jeung babaturana sabab beus kaburu jebul.

Isukna, kuring nyegat beus deui di parapatan CSW. Isuk tadi oge hujan. Si bosongot geus aya deui di pinggir jalan, ngajentul bari huhujanan. Kuring ngadekeutan deui. Mata molotot ka beulah wetan. Si bosongot keur uplek ngobrol. Kuring ngadeukeutan. Euh, nu diomongkeun masih keneh soal si bebel. "Kudu dipeuncti budak teh," ceunah. Euleuh, mani make peuncit sagala. Ambekna si bosongot geus nyampe bool setan.

Tadi peuting, ceunah, manehna ngingetkeun si bebel deui. Tapi, si bebel kalah malik ngambek. "Maneh teu nyaho urang teu dagang saminggu?" "Yeh, dasar bebel. Maneh teu dagang urusan maneh, nu boga imah geus nagih wae. Hayang diusir maneh? Kuurang teh dibalikeun weh," si bosongot carita bari leungeuna pepeta. "Ah, maneh mah bisa teh ukur kukulutus, cing buktikeun peuncit kadinya," babaturana mairan. Kuring teu kuat ngadenge obrolan peuncit deui peuncit deui. Kuring mindah baur jeung panumpang sejen. Cing, hayang nyaho, bener teu si bosongot boga wawanen. Lamun bener kajadian, paling teu aya berita hebat poe isuk.

No comments: